mskpn rada ga ngarti & hrs tanya2 tp ini garing2 lucu booowww
enjoy lah
GEUS CAGEUR
Aki : "Geus dibejakeun ka Ustad, yen Aki geus cageur?"
Incu : "Atos Ki!"
Aki : "Kumaha ngabejakeunana ?"
Incu : "Pa Ustad, tahlilan teh teu cios..."
SIBUK
"Dupi Bapa na aya kitu ?" ceuk sora dina telepon. Saurang budak anu
narima eta telepon ngajawab bari haharewosan.
"Aya, tapi nuju sibuk" pokna.
"Ari Ibu ?"
"Sami, mamah ge nuju sibuk" ceuk budak bari angger ngaharewos.
"Saha deui atuh anu aya didinya ?"
"Aya, teteh, pedah sami deuih nuju sibuk" angger ngaharewos.
Anu nelepon panasaraneun, " Naha nuju saribuk naon atuh neng ?"
"Ih, apanan nuju ameng ucing sumput sareng Neneng".
MANUK
"Sabaraha mang manuk ieu hargana ?" ceuk saurang lalaki ka tukang
manuk.
"Tah anu keur nyanyi mah hargana sajuta. Lamun itu tuh, anu cicing
bae, eta mah dua juta" bari nunjuk manuk anu ngahiul bae dina kurung.
"Har, naha bet mahal keneh anu cicing bae geuning Mang ?"
"His, pan eta anu nyiptakeun laguna"
IBU-IBU JEUNG IBU-IBU
Saurang ibu-ibu anu masih ngora keneh keur bebeja ka
baturanana," Kapaksa kuring mah menta ditalak ka salaki."
" Naha , kunaon kitu ?" ceuk babaturanana.
"Bongan, ampir unggal peuting manehna pagaweanana lar sup ka imah
bordil."
"Oh, jadi salaki teh lalaki laki-laki hidung belang, nyah ?"
"Ih lain kitu, lar sup ka imah bordil teh pan keur neangan kuring!"
tembal si ibu.
DOKTER JEUNG IBU-IBU
"Sanes Dok, naha ongkosna ayeuna mah janten 100 rebu geuning, biasana
mah apanan mung 25 rebu ?" ceuk saurang ibu-ibu tina telepon ka
saurang dokter gigi langganan anakna.
"Leres pisan Bu. Margi tuang putra waktos diparios jejeritan tarik
pisan, dugikeun ka 3 urang calon pasen abdi kalabur," walon Dokter
gigi kalem
DOKTER JEUNG AKI-AKI
"Kaserang rematik jigana mah Ki, sampean Aki anu kenca teh," ceuk
saurang dokter ka saurang pasena anu geus aki-aki.
"Rematik teh panyakit nanahaon atuh Dok ?" ceuk si Aki malik nanya.
"Rematik teh salah sahiji panyakit anu nyerang sendi, Ki. Ari anu
ngalantaranakeunana tiasa bae kumargi Aki tos sepuh...."
Si Aki gancang motong omongan dokter, "Ah ulah sok ngabobodo kitu.
Abong kena ka aki-aki.
Geuning suku aki anu katuhu teu karasa nyeri, padahal umurna mah
apanan sarua jeung nu kenca?"
PEJUANG
"Mamah, Neneng tadi papendak sareng pejuang. Ngagandong bambu runcing
mani ageung," ceuk saurang budak ka indungna.
"Ka Neneng naros?" ceuk indungna.
"Muhun. Saurna teh, Neng.... bade meser lahang?"
PROKLAMATOR
Hiji mangsa, di sakola SD Tjiudjung, bu guru Sejarah ningal Kirdun
nundutan, teras we ku si Ibu teh ditaros: "Kirdun, saha ari
Proklamator Indonesia ?" Kirdun kaget bari langsung ngajawab arap-ap
eureup-eup.
"Duka, bu... teu terang,sanes abdi," tembalna bari degdegan.
Sababaraha kali si Ibu guru naros, keukeuh Kirdun ngajawab,"Duka, teu
terang...".
Si Ibu guru kaleresan kenal ka bapana Kirdun, Sersan Reserse
kakoncara jago interogasi sa Polsek Tjiudjung. Mulih ti sakola teh,
nyimpang ka bumina Kirdun, ngawartoskeun we eta perkawis Kirdun teh
ka ramana anu kaleresan aya mulih dines.
Atuh ramana Kirdun teh ambek, bari neangan Kirdun di kebon. "Kirdun,
ka kadieu! Maneh ulah ngerakeun dewek, siah, saha Proklamator
Indonesia ?" saur si Bapa sersan bari mulintirkeun kumis baplangna.
"Duka, bapa..sanes abdi," ceuk Kirdun. Atuh plok..plok.. . Kirdun teh
digaplokan ku bapana.
Teras we kitu, ditanya saha proklamator Indonesia , Kirdun ngajawab teu
terang, sanes abdi, digaplok deui, kitu deui. Kirdun teh dugi
gareuneuk..
Akhirna, si Bapa teh rada karunyaeun meureun ka Kirdun, nya ngadep ka
Bu Guru di tepas.
"Bu Guru, rupina Proklamator Indonesia teh sanes Kirdun, da ditaros
sareng digaplokan oge, keukeuh teu ngaku...... "